Pengertian dan contoh 17 Pupuh didalam bahasa Sunda

Pengertian Dan Contoh Pupuh Sunda


Pengertian Pupuh
Pupuh teh nyaeta wangun puisi lisan tradisional Sunda(atawa, mun di Jawa, katelah oge macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modern, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacana tawa dangding, luyu jeung watek masing-masing, pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Pupuh teh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaeta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.

Pengertian Dan Contoh Pupuh:

1. Pupuh Asmaranda
Pupuh Asmarandana nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih,jeung rasa nyaah.

Contoh Pupuh Asmaranda:

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

2. Pupuh Balakbak
Pupuh Balakbak nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa hereuy atawa banyol.

Contoh Pupuh Balakbak:
Aya monyet tingguntaian dina tangkal
Nerekel..
Jalu bikang jeng anakna sukan-sukan
Rarecet..
Tingcalekroh-tingcalekroh ngakanan jambu nu asak teu repeh.

3. Pupuh Dangdanggula
Pupuh Dangdang Gula nyaeta pupuh anu ngagambarkeun katengtreman kawaasan, kaagungan jeung ka gumbiraan.

Contoh Pupuh Dangdanggula:
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela

Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
Hiji basa hiji bangsa
Basa bangsa Indonesia
Hiji bangsa hiji nusa
Nusa tunggal
Nusantara Seler-seler suku bangsa
Di wewengkon  mana-mana
Sakasuka sakaduka
Wujud bangsa Indonesia

4. Pupuh Durma
Pupuh Durma nyaeta Pupuh anu ngagambarkeun Rasa kaambeuk, Gede hate, atawa ngagambarkeun semanget.

Contoh Pupuh Durma:

LEMAH CAI
Negri urang katelah Indonesia
Diriksa tur dijaring
Sumirat kamarana
Berkahna Pancasila
Ageuman eusining nagri
Yu sauyunan ngawangun lemah cai

5. Pupuh Gambuh
Pupuh Gambuh Nyaeta Pupuh anu ngagambarkeun kaseudih, kasusah, atawa kanyeuri.

Contoh pupuh Gambuh:

KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung
Kuring sakola teu jucung
Lalarowa reseup ulin
Hanjakal tara tiheula
Ayeuna kari peurihna.

6. Pupuh Gurisa
Pupug gurisa nyaeta pupuh anu ngagambarkeun anu keur ngalamun atawa keur ngalamun.

Contoh Pupuh Gurisa :

            SI KABAYAN
Si kabayan lalamunan
Pangrasa bisa nyetiran
Motor atawa sedan
Poho keur endeuk-endeukan
Nadahan kana susukan.

7. Pupuh jurudemung
Pupuh jurudemung nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.

Conto Pupuh jurudemung:

                ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma
Embung hina hayang agung
Hayang hirup mukti
Tapina embung tarekah
Tangtu moal bakal nanjung

8. Pupuh kinanti
Pupuh kinanti nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu keur keusel nungguan, dedeupeun, Kanyaah.

Conto Pupuh Kinanti:

         KANYAAH INDUNG
Kanyaah indong mo suwung
Lir jaladri tanpa tepi
Lir gunung tanpa tutugan
Asihna teuing ku weuning
Putra teh didama-dama
Dianggo pupudan ati.

BUDAK LEUTIK BISA NGAPUNG
Budak leutik bisa ngapung
Babakuna ngapungna leutik
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nukapanggih.

9. Pupuh lambang
Pupuh lambang nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu resep banyol tapi konyol nu aya di pikiraneuna.

Conto Pupuh Lambang:

WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan
Saperti tatarucingan
Cik naon atuh maksudna
Teangan naon wangsalna
Gedong ngambang disagara
Ulah kapalang di ajar
Keyeup gede dilautan
Kapitineung salawasna

10. Pupuh Ladrang
Pupuh Ladrang nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Conto Pupuh Ladrang :

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok lulumpatan di cai
Ari bangun rek sarupa jeung lancah.

11. Pupuh magatru
Pupuh magatru nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu seudih, handeueul ku kalakuan sorangan, atawa mapatahan.

Conto Pupuh Magatru :

Majalaya ciparay banjaran bandung
Kopo rejeung cisondari
Cicalengka ujung berung
Raja mandala cimahi
Leles limbangan tarogong.

12. Pupuh maskumambang
Pupuh maskumambang nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa kaseudih jeung nyeri hate, kanalangsaan, sedih bari ngenes hate.

Contoh Pupuh Maskumambang:

Itu kusir bangun abeuk-abeuk teuing
Turun dina delman
Kuda dipecutan tarik
Teaya pisan ras-rasan.
Pupuh maskumambang

13. Pupuh Mijil
Pupuh Mijil nyaeta pupuh anu ngagambarkeun kasedih tapi gede harapan.

Contoh Pupuh Mijil :

Mesat ngapung putra sang arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran bimanyu.

14. Pupuh Pangkur
Pupuh pangkur nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nuang harepan tugas nu beurat.

Contoh Pupuh Pangkur:

Bapa dolang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong irung mancung
Panon buringas herang
Goreng omongga wang geweung harung
Gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling.

15. Pupuh Pucung
Pupuh pucung nyaeta pupuh anu ngaggambarkeun rasa ambeuk ka diri sorangan atawa kakeuheul ku lantaran teu panuju hate.

Contoh Pupuh Pucung:

Lutung buntung, luncat kana tinggul gintung
Monyet loreng leupas, luncat kana pageur dengdek
Bajing kuning jalarang, belang buntutna

16. Pupus sinom
Pupus sinom nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa  kagumbiraan, atawa rasa kadedeuh.

Contoh Pupuh Sinom:
Warna-Warni lauk empang
Aya nu sami jeung ping-ping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna renganis ninggari
Warning lauk cai
Lawak pating suruwuk
Sepat pating korepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balimbing
Sisi balungbang.

17.  Pupuh wirangrong
Pupuh wirangrong nyaeta pupuh anu ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.

Contoh Pupuh Wirangrong :
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek ka dalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeulen sarerea
Modal bakti ka nagara.

Belum ada Komentar untuk "Pengertian dan contoh 17 Pupuh didalam bahasa Sunda"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel